Persib
bandung dina dangeut ieu siga nu bingung wirehing pemaen asing alus can aya wae nu
satuju bergabung. Alih alih di kontrak langsung gening kalah loba nu di tikung
nu paling anyar playmaker ulung Vitor Saba bandung manehna teu jadi
merapat ka maung bandung lantaran hayang ngariung mungpulung dengan pamajikan yang sedang mengandung.
Sebagai
bobotoh kuring ge asa digantung dag dug rasaning jantung. Pemaen anyar tur hade
teu gera geura ningalikeun batang irung. Sakapeung mah sok ngarasa pundung manjalani
hari yang penuh penantian tanpa ujung stalking twitter ti Subuh sampe ka Magrib layung
ngabandungan bursa transfer maung bandung Tuluy disambung saba’da isya di karang warung bari diharudum
sarung.
Persib
tanpa pemaen asing memang geus asa ember tanpa gayung asa Abah Darso tanpa
calung “hambar terasa, hampa kacida” setelah mencoret 12 atlet ti mimiti David
laly sampe ka M Agung persib baru merekrut 4 pemaen muda dan berhasil membawa
dado sohei serta wildansyah balik bandung.
Dipikir bari direnung ayeuna ges
waktuna pemaen lokal naek panggung pemaen ngora nebongkeun sihung pikeun tarung
ngagulung lawan-lawan ngabela Persib Bandung. Ges waktuna pemaen hade Jawa
Barat turun gunung mertahankeun gelar juara Persib Bandung. Tapi kahade
tong adigung lantaran
bisa jadi bagian dari Maung
Bandung sabab logo di dada tetep lewih gede tibatan nama di punggung.
Jung maju maung bandung prung gera
tarung Persib Bandung Liga bakal segera lumangsung bobotoh pasti bakal
ngadukung, bobotoh nu ditiung, bobotoh nu disarung, boboth nu di goleup,
bobooth nu nu di gelung bobotoh nu di saung bobotoh nu di gedung, bobotoh
Banjar sampe ujung Berung ngarojong langsung jeung ngadoa kanu maha agung
sangkan Persib unggul tarung. (twitter
@Aonip_perdana)
Komentar
Posting Komentar